Do’a Pindahan Rumah
Khususon kangge Babeh Yusuf di Bekasi...
TATACARA SYUKURAN IMAH
1. Maca Qur’an
Hadis ti Sahl bin Sa’d rodhiallohu ‘anhu, saurna Kanjeng Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh:
مَنْ قَرَأَ سُورَةَ الْبَقَرَةِ فِي بَيْتِهِ لَيْلًا لَمْ يَدْخُلِ الشَّيْطَانُ بَيْتَهُ ثَلَاثَ لَيَالٍ
“Sing saha jalma anu maca al-Qur’an khususna surat al-Baqoroh di imahna dina waktu peuting, mangka syetan moal daekeun asup ka eta imah salila tliu poe” (HR. Ibnu Hibban)
2. Dzikir eling ka Alloh
Aya hadis ti Harits Al-Asy’ari rodhiallohu ‘anhu, yen Kanjeng Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh
اَلْعَبْدُ لَا يُحْرِزُ نَفْسَهُ مِنَ الشَّيْطَانِ إِلَّا بِذِكْرِ اللَّهِ (رواه أحمد
)
Hiji jalma moal bisa kajaga dirina tina panggoda syetan, anging manehna daek dzikir eling ka Alloh (HR Ahmad)
3. Adzan sareng qomat
Hadis ti Abu Huroiroh Sa’d rodhiallohu ‘anhu, saurna Kanjeng Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh:
إِذَا نُودِيَ لِلصَّلَاةِ أَدْبَرَ الشَّيْطَانُ وَلَهُ ضُرَاطٌ حَتَّى لَا يَسْمَعَ التَّأْذِينَ فَإِذَا قَضَى النِّدَاءَ أَقْبَلَ حَتَّى إِذَا ثُوِّبَ بِالصَّلَاةِ أَدْبَرَ حَتَّى إِذَا قَضَى التَّثْوِيبَ أَقْبَلَ
"Lamun aya nu adzan, mangka syetan lumpat sambil hitut neupika manehna teu ngadangu ka eta sora adzan, lamun adzan geus beres syetan datang deui, jeung lamun aya qomat syetan lumpat deui…” (HR. Bukhori-Muslim)
hadis Anas bin Malik rodhiallohu ‘anhu, saurna Kanjeng Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh :
إِذَا أُذِّنَ فِي قَرْيَةٍ أَمَّنَهَا اللَّهُ مِنْ عَذَابِهِ ذَلِكَ الْيَوْمَ
Lamun hiji kampung atawa tempat termasuk imah diadzanan, mangka Alloh bakal ngabebaskeun adzab-Na ka jalma nu aya di eta kampong (imah) dina poe [HR .At-Thabrani]
Tambihan dina Kitab I'aanah at-Thoolibiin I/230, fashal adzan-qomat :
-Sajabi ti adzan sareng qomat disunahkeun ngaos falak binas, ayat kursi, surat ath-thoriq (ayat 1-17) opat ayat terakhir surat al-Hasyr (ayat 21-24) sareng geneup ayat terakhir surat as-Shooffaat (ayat 177-182)
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Serum Pencerah Wajah Terbaik dari Pond's Indonesia
Assalamu'alaikum,, Hallo cantik,, ada yang baru nih dari pond's yaitu Pond's Bright Beauty Triple Glow Serum dan Triple Glow Se...
-
DO’A INDAH IMAM SYAFI’I اَللَّهُمَّ امْنُنْ عَلَيْنَا بِصَفَاءِ الْمَعْرِفَةِ وَهَبْ لَنَا تَصْحِيْحَ الْمُعَامَلَةِ فِيْمَا بَيْنَنَا وَبَ...
-
Teks Sholawat ‘Umariyah adalah sebagai berikut: يا صاحبي عند کل شدة و يا غياثى عند کل کربة صل علی سيدنا محمد وعلی ال سيدنا محمد واجعل لنا...
terimakasih
BalasHapuslagunya juga bagus
terimakasih
BalasHapuslagunya juga bagus
Sama"..
Hapus