Selasa, 29 Mei 2018
Segalanya Oleh Alloh
انا لله وانا اليه راجعون
لا حول ولا قوة إلا بالله العلي العظيم
Urang nu Alloh, urang indit ti Alloh balik ka Alloh, hade goreng ku Alloh, Mu'min kafir ku Alloh, bagja cilaka ku Alloh, bungah sedih ku Alloh, wani keueung ku Alloh, lancar sulit ku Alloh, pinter bodo ku Alloh, mulya hina ku Alloh, cageur gering ku Alloh, hirup maot ku Alloh, beunghar kokoro ku Alloh, sagalana ku Alloh..
Urang teu bisa nanaon anging Dibiasakeun ku Alloh,
Urang teu nyaho nanaon anging Dinyahokeun ku Alloh.
Urang teu boga nanaon anging Dibogakeun ku Alloh..
Sagalarupana makhluqmah Di.. , Di.. , Di..ku Alloh.
ngan Alloh Nyalira anu Nga.. , Nga.., Nga.. ka urang tur ka sadaya makhluqNa..
"Nuun Gusti Nu Maha Suci "Nyanggakeun sadaya daya, jisim abdi makhluq Gusti nu teudaya teu upaya kajabi Ku Pituduh Pitulung tur Kalomanan Gamparan..
Kukituna tuduhkeun abdi sadaya kana sagala rupi hal anu Dipikaridlo ku Gamparan ..
tulungan abdi sadaya dina dina ngagarap sagala hal anu Diparentahkeun ku Gamparan .. oge dina nebihan sagala rupi hal anu Dibenduan ku Gamparan ..
Parinan abdi sadaya sugri Karunia Gamparan boh di dunya boh diAkherat..
Hapunten samudaya kalepatan kaluputan abdi sadaya tiluhur saujung rambut ti handap sausap dampal, lahir sinareng batin, jiwa sinareng raga nu pinuh ku dosa nu teu aya wilanganana..
tutupan sadaya aeb abdi sadaya di dunya rawuh di Akheratna!
qabulkeun sagala paneja abdi sadaya nu sae dimungguh Gamparan.
Salametkeun abdi sadaya..!
bagjakeun abdi sadaya..!
mulyakeun abdi sadaya di dunya rawuh di Akherat... Aamiin yaa Robbal'aalamiin 😭😭😭..
Dina Bulan Nu Agung ieu akang oge kulawarga seja nyuhunkeun hapunten tina samudaya kalepatan..
Daru'akeun akang oge kulawarga sinareng turunan ku sadayana..
akang ngahaturkeun mangrebu-rebu nuhun laksa keti kabingahan tina sagala rupi kasaean para Jama'ah oge dulur-dulur Muslimiin Muslimaat boh harta boh tanaga, boh emutan boh du'a..
Muga Alloh Ngawales kana sagala rupi kasaean sadayana kalayan pangsae-saena Walesan di dunya rawuh di akherat..
۞اَللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ۞
(Anu Faqir tur Hina Akang Ahmad Alim Syamsudin Zaenal Arif)
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Serum Pencerah Wajah Terbaik dari Pond's Indonesia
Assalamu'alaikum,, Hallo cantik,, ada yang baru nih dari pond's yaitu Pond's Bright Beauty Triple Glow Serum dan Triple Glow Se...
-
DO’A INDAH IMAM SYAFI’I اَللَّهُمَّ امْنُنْ عَلَيْنَا بِصَفَاءِ الْمَعْرِفَةِ وَهَبْ لَنَا تَصْحِيْحَ الْمُعَامَلَةِ فِيْمَا بَيْنَنَا وَبَ...
-
Teks Sholawat ‘Umariyah adalah sebagai berikut: يا صاحبي عند کل شدة و يا غياثى عند کل کربة صل علی سيدنا محمد وعلی ال سيدنا محمد واجعل لنا...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar