Jumat, 29 Maret 2013

Tentang Thoriqoh

Tentang Thoriqoh

Khususon kangge teh Nazwa Azze

Jalan wushul (nepi) ka Dzat Alloh aya 3 :

إِنَّ الطَّرِيْقَ شَرِيْعَةٌ وَطَرِيْقَةٌ وَحَقِيْقَةٌ فَاسْمَعْ لَهَا مَا مُثِّلاَ

Jeung saenya-enyana jalan wushul (ma’rifat) ka Alloh nyaeta kahiji syareat, kadua thorekat sareng katilu hakekat, mangka kudu ngadangukeun anjeun pikeun itu kabeh kana pirang-pirang nu dijadikeun conto

فَشَرِيْعَةٌ كَسَفِيْنَةٍ وَطَرِيْقَةٌ كَالْبَحْرِ ثُـمَّ حَقِيْقَةٌ ذُرٌّ غَلاَ

Mangka ari syareat eta saperti parahu sareng thorekat eta tetep saperti lautan terus ari hakekat eta saperti inten / mutiara anu mahal

فَشَرِيْعَةٌ أَخْذٌ بِدِيْنِ الْخَالِقِ وَقِيَامُهُ بِالْأَمْرِ وَالنَّهْيِ انْجَلاَ

Ari nu disebut syareat eta nyekeulna hamba kana agama Alloh, sareng ngalakonan parentah Alloh tur neubihan cegahan Alloh nu pertela / jelas

وَطَرِيْقَةٌ أَخْذٌ بِأَحْوَطِ كَالْوَرَعِ وِعَزِيْمَةٍ كَرِيَاضَةٍ مُتَبَتِّلاَ

Ari nu disebut thorekat eta milampah kana anu leuwih ati-ati saperti waro’ / apik, sareng nyekeul amal nu leuwih beurat / utama saperti ngalatih jiwa anu ngungkulkeun karna Alloh / ikhlas

وَحَقِيْقَةٌ لَوُصُوْلُهُ لِلْمَقْصَدِ وَمُشَاهِدٌ نُوْرَ التَّجَلِّى بِانْجَلِى

Hakekat nyaeta neupina hiji hamba kana pamaksudan, sarta anu nyaksian kana cahayana tajalli kalawan terbuka anu sampurna / ma’rifat ka Dzat Alloh

{Kitab Hidayatul Adzkiya}

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Serum Pencerah Wajah Terbaik dari Pond's Indonesia

Assalamu'alaikum,, Hallo cantik,, ada yang baru nih dari pond's yaitu Pond's Bright Beauty Triple Glow Serum dan Triple Glow Se...